PTS_X_Bahasa Sunda - Kuis
  • 1. mindahkeun teks tina basa sumber (asal) Kana Basa sejen (anyar) disebut …
A) alih wangun
B) alih aksara
C) transkripsi
D) tarjamahan
E) transliterasi
  • 2. Tarjamahan tina kalimah “ saya merasa bangga menjadi orang Sunda.” Anu merenah, nyaeta ….
A) Kuring ngarasa agul jadi urang Sunda.
B) Kuring ngarasa ngeunah jadi urang Sunda.
C) Kuring ngarasa reueus jadi urang Sunda.
D) Kuring ngarasa bangga jadi urang Sunda.
E) Kuring ngarasa sugema jadi urang Sunda.
  • 3. Kecap-kecap basa Sunda anu hésé ditarjamahkeun kana basa Indonésia, nyaéta kecap ….
A) panyambung
B) pangantét
C) sulur
D) paréntah
E) panganteur
  • 4. Paribasa Sunda anu mangrupakeun tarjamahan tina basa Indonésia, nyaéta …
A) Waktu sarua jeung duit
B) Adam lali tapel
C) Wong becik ketitik won gala ketarik
D) Gindi piker belang bayah
E) Aya hurang handapeun batu
  • 5. Paribasa Indonésia “Biar lambat asal selamat” hartina mirip jeung paribasa Sunda …
A) Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung
B) Kajeun kendor asal ngagémbol
C) Jauh-jauh panjang gagang
D) Ulah gancang pincang
E) Kaduhung tara tiheula
  • 6. Lamun rék narjamahkeun, urang merlukeun kamus, nyaéta kamus ….
A) Istilah
B) énsiklopédia
C) dwibasa
D) Asing
E) Éka basa
  • 7. Anu teu kaasup kana kecap-kecap basa Sunda serepan tina basa Arab, nya éta ...
A) Abdi
B) Takwa
C) Agama
D) Iman
E) Ahlak
  • 8. Paribasa Sunda anu mangrupakeun tarjamahan tina basa Inggris, nyaéta …
A) Wong becik ketitik won gala ketarik
B) Nu sabar kakasih gusti
C) Waktu sarua jeung duit
D) Adam lali tapel
E) nyaah ka lemah cai sabagean tina iman
  • 9. Ieu di handap henteu kaasup kana carpon nu mangrupa tarjamahan tina basa Inggris, nyaéta ….
A) Carpon “Ngulampreng” ditarjamahkeun ku Hawé Setiawan
B) Carpon “Keteg Jajantung” ditarjamahkeun ku Atep Kurnia
C) Carpon “Pependeman Nabi Sulaeman” ditarjamahkeun ku Moh. Ambri
D) Carpon “Haji Murod” ditarjamahkeun ku Atep Kurnia jeung Hawé Setiawan
E) Carpon “Ucing Hideung” ditarjamahkeun ku Yuliana Mustofa
  • 10. ieu dihandap tilu kamampuh anu kudu kacangking mun urang rek narjamahkeun, iwal kamampuh …
A) fonologis
B) sosiolinguistik
C) semantik
D) pragmatik
E) gramatikal
  • 11. ieu dihandap urang asing anu henteu nyusun kamus basa Sunda, nyaeta …
A) A. Geerdink
B) S. Coolsma
C) Jonathan Rigg
D) R.H. Robins
E) H. J. Oosting
  • 12. unsur serepan anu acan sagemblengna kaserep kana basa Sunda ditulisna …
A) dikekentengan
B) dikandeulkeun
C) digurathandapan
D) biasa
E) dicondongkeun
  • 13. Paribasa Sunda anu mangrupakeun tarjamahan tina basa Arab, nyaéta …
A) Waktu sarua jeung duit
B) Nu sabar kakasih gusti
C) Adam lali tapel
D) Wong becik ketitik won gala ketarik
E) Gindi piker belang bayah
  • 14. aya tilu kamampuh anu kudu kacangking mun urang rek narjamahkeun nyaeta kamampuh gramatikal, sosiolinguistik, jeung Semantik. Kamapuh gramatikal nyaeta …
A) kamampuh dina ngaguar harti atawa makna teks anu rek ditarjamahkeun
B) pangaweruh ngeunaan kekecapan, nyusun kalimah, nyusun alinea jeung ngalarapkeun ejahan
C) pangaweruh ngeunaan hiji basa dina kahidupan sapopoe dimasarakat pamakena
D) kamampuh narjamahkeun paribasa
E) kamampuh ngaguar makna teks
  • 15. Anu teu kaasup kana kecap-kecap basa Sunda serepan tina basa walanda, nya éta ...
A) sabda
B) fase
C) sastra
D) akuturasi
E) husu
  • 16. Anu teu kaasup kana kecap-kecap basa Sunda serepan tina basa Sangsakerta, nya éta ...
A) Sastra
B) Hemoglobin
C) Husu
D) akulturasi
E) Fase
  • 17. Tarjamahan tina kalimah “ Budak teh berebet wae lumpat.” Anu merenah, nyaeta ….
A) Anak itu berlarilah dengan cepat.
B) Anak itu Berlari dengan cepat.
C) Berlarilah anak itu.
D) Berlarilah anak itu dengan cepat.
E) Anak itu berlarilah.
  • 18. Tarjamahan tina kalimah “ Kapan ke rumahku?” Anu merenah, nyaeta ….
A) iraha bade ka imah kuring?
B) iraha bade ka rorompok abdi?
C) iraha bade ka rorompok?
D) iraha bade ka imah abdi?
E) iraha bade ka rorompok simkuring?
  • 19. tarjamahan unggal kecap, dumasar kana runtayan kecap tina basa aslina disebut tarjamahan …
A) interlinear
B) transliterasi
C) dinamis
D) fungsional
E) formal
  • 20. Kecap "gedengeun" sarua hartina jeung …
A) hareupeun
B) gigireun
C) tukangeun
D) handapeun
E) luhureun
  • 21. tarjamahan kecap "tumorojog" nyaeta …
A) datang bersama-sama
B) datang memberi oleh-oleh
C) tidak jadi datang
D) datang tanpa memberi tahu
E) kembali tanpa hasil apa-apa
  • 22. narjamahkeun karya sastra tina basa asing, ku cara nulad jalan caritana wungkul, ari ngaran tokoh jeung latar caritana mah diluyukeun kana kaayaan di urang, disebut …
A) saduran
B) transliterasi
C) alih wangun
D) tarjamahan
E) alih aksara
  • 23. caritaan anu wangunna pondok dina basalancaran anu eusina ngandung unsur-unsur pamohalan disebutna …
A) biografi
B) dongeng
C) carpon
D) fiksimini
E) sketsa
  • 24. Ieu di handap kaasup kana dongéng sasakala, iwal …
A) Situ Bagendit
B) Candi Cangkuang
C) Prabu Kéan Santang
D) Tangkuban parahu
E) Situ Paténggang
  • 25. Aya carita “Nyi Roro Kidul” sumebar di masarakat. Carita saperti kitu kaasup ana Dongéng ….
A) Sage
B) Mite
C) Légénda
D) Parable
E) Babad
  • 26. Ieu dihandap anu henteu kaasup kana ciri-ciri dongéng, nyaéta ….
A) Sumebarna tatalépa sacara lisan
B) Teu jelas nu ngarangna (anonim)
C) Sakabéh eusi caritana bohong
D) Ngandung unsur-unsur pamohalan
E) Awalna kagolong kana sastra lisan
  • 27. Unsur-unsur carita dina dongéng sarua jeung unsur-unsur prosa fiksi séjénna. Ieu dihandap anu teu kaasup kana unsur-unsur carita, nyaéta ....
A) Palaku
B) Latar
C) Purwakanti
D) Galur
E) Téma
  • 28. mun ditilik tina palaku jeung caritana kagolong kana dongeng naon dongeng Lutung Kasarung teh?
A) fabel
B) legenda
C) parabel
D) Mite
E) Sage
  • 29. Dongeng anu nyaritakeun asal muasal ngaran hiji tempat disebut dongeng …
A) Sage
B) fabel
C) parabel
D) legenda
E) Mite
  • 30. Dina dongéng “Sangkuriang” aya unsur pamohalan, di antarana waé, nyaéta ….
A) Sangkuriang saenyana anak raja
B) Dayang Sumbi kawin jeung Si Tumang
C) Sangkuriang nyieun parahu
D) Raja kahampangan dina balokéng
E) Dayang Sumbi boga anak Sangkuriang
Siswa yang mengerjakan tes ini juga mengerjakan :

Dibuat dengan That Quiz — di mana latihan tes matematika selalu tersedia hanya dengan satu klik.